Hujan
Ngariririncik
Lir
keur dikariakeun, ti isuk keneh hujan teu eureun-eureun maseuhan taneuh,
nyebor hate nu keur panas, mere
panghirupan ka sakabeh mahluk. Duka kunaon srangenge eumbung nembongan, eraeun.
Kuring calik dina korsi kantin bari melongkeun hujan nu siga keur lalumpatan
paudag-udag jeung baturna hayang buru-buru maseuhan taneuh. Ngagerentes dina
hate, kumaha mun hujan teu raat, baseuh meurueun seragam kuring. Kuring
kukulutus, ahh tapi taya gunana ketang da anggeur moal bisa ngarubah kayaan
ceuk hate kuring ngupahan. Keur jongjon
ngalamun ngareka-reka naon nu bakal kajadian lamun hujan teu raat, lar ngaliwat
Anjeun. Gebeg, kuring reuwas sataker kebek. Aya rasa nu campur aduk. Rasa bungah, deudeuh,
era, sieun, nyaah. Bungah kuring ninggali Anjeun deui. Deuhdeuh nu teu kapalang
ka Anjeun. Era bisi Anjeun apal perasaan kuring. Sieun bisi teu bisa ninggali
deui Anjeun. Nu puguh mah kuring nyaah ka Anjeun.
Masih
keneh kuring ngalayang-layang dina lamunan, kadangu aya sora nu halimpu ngageuingkeun
sangkan kuring hudang tina lamunan.
“Teu
acan uih, Li?” bari gek diuk gigireun kuring.
“Muhun,
da kapegat hujan”, jawab kuring semu reuwas.
“Leuh,
karunya teuing. Tebih kitu bumina? “ tanyana panasaran.
“Caket
da”, jawab kuring singkat salah tingkah.
“Sarengnya
ngantosan hujan raatna”, pok na deui.
Kuring
unggeuk lalaunan. Anjeuna ngan saukur mesem. Gusti tulungan!!! Kuring teu kuat ninggalina. Teutepna, imutna,
lir ibarat hujan ngariririncik anu datang teu disangka-sangka anu raatna teu
bebeja. Anu maseuhan hate nu keur garing, nyuburkeun binih-binih cinta,
ngagomplokeun rasa deudeuh tur ngamekarkeun rasa hayang kenal leuwih deukuet
jeung Anjeunna.
Angin
ngahiliwir lalaunan, tiis nyulusup kanu tulang. Tapi salami deukeut anjeun, aya
rasa nu ngahaneutan hate. Teu karasa tiis, teu karasa tiris. Direret ku juru
panon, Anjeun anteung ngotak ngatik HP. Duka nuju naon. Kuring ngarenghap
panjang. Hate ngulapes deui. Boa ker ngasms kabogohna, gerentes kuring dina
hate.
“Tiris
nya Li?” tanyana singkat bari ngareret.
Nu ditanya kalah rampangreumpeung teu puguh. Nyieun sajuta alesan. Dipilih
hiji-hiji mana nu hade. Dipikir bolak-balik samemeh ngajawab. Sien salah pok,
sien salah ngajawab. Sieun Anjeun jadi keuheul ngabageugeul dina hate.
“Euu,
hente da”, Kuring seri leutik.
“Lami
nya hujanna teu liren-liren!”, pokna deui.
“Muhun”,
ngan eta nu bisa Kuring kedalkeun.
Bohong.
Kuring ngabohong. Saenyana teu sarua jeung hate leutik kuring. Hayang mah sing
lila hujan teh, mun bisa mah tong raat!!! Hayang terus jeung Anjeun, hayang
anjeun tong indit, hayang Anjeun terus digigireun kuring. Hayang terus jeung
Anjeun salamina.
Anjeunna
ngareret deui ka kuring. Terus imut. Imut nu ngagelenyut, nu ngancurkeun akal
sehat kuring. Ngaburantakeun pikiran rasional kuring. Teuteupna seukeut lir
silet anu ngeureut hate anu geus karancang beak ku Anjeunna. Pameunteuna,
pangambungna, sagalana matak nineung.
Sakuat
tanaga Kuring nguatkeun maneh, sangkan teu paeh akal ngeudalkeun kalungse hate
mikiran Anjeunna, ti sataun katukang. Beurang peuting, kaimpleung wae
pameunteuna, imutna, paripolahna, sagalana. Poek, hate kuring geus poek ku
Anjeunna.
Teu
kungsi lila hujan raat. Kuring sedih. Jung anjeunna nangtung bari nyoren
kantong.
“Tuh
geuning hujanna tos raat, hayu atuh urang uih, bade sareng moal? Kaleresan abi
nyandak motor!” Anjeunna nawaran. Gorejat deui kuring reuwas, duka nu kasabarah
kali.
“Ahh
wios bilih ngarepotkeun!” tembal kuring nolak. Bohong. Kuring bohong deui.
Kuring nyarekan sorangan. Naha bet eta nu kaluar. Lain, lain eta nu hayang
kuring kendalkeun.
“Wios
teu nanaon, hayu we meumpeung hujanna raat!” pokna deui semu rada maksa.
“Muhun
mangga atuh”, jawab kuring bungah.
Koloyong
weh motor maju, ngabeulah cileuncang sesa hujan tadi. Caina kiruh kacoklatan.
Ngalecret kasisi sajalan, sawareh aya nu kena ka sapatu. Kuring teu paduli.
Asal jeung Anjeun, sagala teu dipalire. Motor beuki gancang, cileuncang beuki
muncrat pabaliur duka kamana. Hawa tiris saentas hujan teu karasa, nu aya hate
haneut sagigireun anjeun, disimbutan ku perhatian Anjeun nu can pasti naon
hartina.
Nuhun
hujan, sakali deui nuhun. Hujan ngaririncik, nu ngaraketkeun kuring jeung
Anjeunna, sanajan saukur saliwatan,
saukur bisa ngobrol jeung Anjeun, kuring bungah. Bisa patepung tetep jeung
Anjeun ge, geus jadi anugrah keur kuring. Anugrah nu taya duana. Sanajan anjeun
lir ibarat hujan ngaririrncik anu datang teu disangka-sangka, anu raat teu
bebeja, tapi kuring percaya, hujan tangtu datang deui, moal ngan saukur sakali,
sanajan duka iraha can tangtu, kitu ge Anjeun.