Rabu, 26 Maret 2014

Carita Pondok



                     Hujan Ngariririncik         
Lir keur dikariakeun, ti isuk keneh hujan teu eureun-eureun maseuhan taneuh, nyebor  hate nu keur panas, mere panghirupan ka sakabeh mahluk. Duka kunaon srangenge eumbung nembongan, eraeun. Kuring calik dina korsi kantin bari melongkeun hujan nu siga keur lalumpatan paudag-udag jeung baturna hayang buru-buru maseuhan taneuh. Ngagerentes dina hate, kumaha mun hujan teu raat, baseuh meurueun seragam kuring. Kuring kukulutus, ahh tapi taya gunana ketang da anggeur moal bisa ngarubah kayaan ceuk hate kuring ngupahan. Keur  jongjon ngalamun ngareka-reka naon nu bakal kajadian lamun hujan teu raat, lar ngaliwat Anjeun. Gebeg, kuring reuwas sataker kebek.  Aya rasa nu campur aduk. Rasa bungah, deudeuh, era, sieun, nyaah. Bungah kuring ninggali Anjeun deui. Deuhdeuh nu teu kapalang ka Anjeun. Era bisi Anjeun apal perasaan kuring. Sieun bisi teu bisa ninggali deui Anjeun. Nu puguh mah kuring nyaah ka Anjeun.
Masih keneh kuring ngalayang-layang dina lamunan, kadangu aya sora nu halimpu ngageuingkeun sangkan kuring hudang tina lamunan.
“Teu acan uih, Li?” bari gek diuk gigireun kuring.
“Muhun, da kapegat hujan”, jawab kuring semu reuwas.
“Leuh, karunya teuing. Tebih kitu bumina? “ tanyana panasaran.
“Caket da”, jawab kuring singkat salah tingkah.
“Sarengnya ngantosan hujan raatna”, pok na deui.
Kuring unggeuk lalaunan. Anjeuna ngan saukur mesem. Gusti tulungan!!!  Kuring teu kuat ninggalina. Teutepna, imutna, lir ibarat hujan ngariririncik anu datang teu disangka-sangka anu raatna teu bebeja. Anu maseuhan hate nu keur garing, nyuburkeun binih-binih cinta, ngagomplokeun rasa deudeuh tur ngamekarkeun rasa hayang kenal leuwih deukuet jeung Anjeunna.
Angin ngahiliwir lalaunan, tiis nyulusup kanu tulang. Tapi salami deukeut anjeun, aya rasa nu ngahaneutan hate. Teu karasa tiis, teu karasa tiris. Direret ku juru panon, Anjeun anteung ngotak ngatik HP. Duka nuju naon. Kuring ngarenghap panjang. Hate ngulapes deui. Boa ker ngasms kabogohna, gerentes kuring dina hate.
“Tiris nya  Li?” tanyana singkat bari ngareret. Nu ditanya kalah rampangreumpeung teu puguh. Nyieun sajuta alesan. Dipilih hiji-hiji mana nu hade. Dipikir bolak-balik samemeh ngajawab. Sien salah pok, sien salah ngajawab. Sieun Anjeun jadi keuheul ngabageugeul dina hate.
“Euu, hente da”, Kuring seri leutik.
“Lami nya hujanna teu liren-liren!”, pokna deui.
“Muhun”, ngan eta nu bisa Kuring kedalkeun.
Bohong. Kuring ngabohong. Saenyana teu sarua jeung hate leutik kuring. Hayang mah sing lila hujan teh, mun bisa mah tong raat!!! Hayang terus jeung Anjeun, hayang anjeun tong indit, hayang Anjeun terus digigireun kuring. Hayang terus jeung Anjeun salamina.
Anjeunna ngareret deui ka kuring. Terus imut. Imut nu ngagelenyut, nu ngancurkeun akal sehat kuring. Ngaburantakeun pikiran rasional kuring. Teuteupna seukeut lir silet anu ngeureut hate anu geus karancang beak ku Anjeunna. Pameunteuna, pangambungna, sagalana matak nineung.
Sakuat tanaga Kuring nguatkeun maneh, sangkan teu paeh akal ngeudalkeun kalungse hate mikiran Anjeunna, ti sataun katukang. Beurang peuting, kaimpleung wae pameunteuna, imutna, paripolahna, sagalana. Poek, hate kuring geus poek ku Anjeunna.
Teu kungsi lila hujan raat. Kuring sedih. Jung anjeunna nangtung bari nyoren kantong.
“Tuh geuning hujanna tos raat, hayu atuh urang uih, bade sareng moal? Kaleresan abi nyandak motor!” Anjeunna nawaran. Gorejat deui kuring reuwas, duka nu kasabarah kali.
“Ahh wios bilih ngarepotkeun!” tembal kuring nolak. Bohong. Kuring bohong deui. Kuring nyarekan sorangan. Naha bet eta nu kaluar. Lain, lain eta nu hayang kuring kendalkeun.
“Wios teu nanaon, hayu we meumpeung hujanna raat!” pokna deui semu rada maksa.
“Muhun mangga atuh”, jawab kuring bungah.
Koloyong weh motor maju, ngabeulah cileuncang sesa hujan tadi. Caina kiruh kacoklatan. Ngalecret kasisi sajalan, sawareh aya nu kena ka sapatu. Kuring teu paduli. Asal jeung Anjeun, sagala teu dipalire. Motor beuki gancang, cileuncang beuki muncrat pabaliur duka kamana. Hawa tiris saentas hujan teu karasa, nu aya hate haneut sagigireun anjeun, disimbutan ku perhatian Anjeun nu can pasti naon hartina.
Nuhun hujan, sakali deui nuhun. Hujan ngaririncik, nu ngaraketkeun kuring jeung Anjeunna, sanajan saukur  saliwatan, saukur bisa ngobrol jeung Anjeun, kuring bungah. Bisa patepung tetep jeung Anjeun ge, geus jadi anugrah keur kuring. Anugrah nu taya duana. Sanajan anjeun lir ibarat hujan ngaririrncik anu datang teu disangka-sangka, anu raat teu bebeja, tapi kuring percaya, hujan tangtu datang deui, moal ngan saukur sakali, sanajan duka iraha can tangtu, kitu ge Anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar